Mangkaning
sasaha ogé geus pada awal, yén runtah téh bisa ngadatangkeun mamala
atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit alatan polusi. Katambah
deui pangalaman tragédi ngabeledugna gunung runtah di TPA Leuwigajah nu
geus ngubur kampung-kampung sakuliah Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar
(21/02/05). Geus puguh harta banda, dalah korban jiwa ogé henteu bisa
disingkahan ku ngamukna sakadang runtah harita. Hiji bukti yén runtah
lain pasualan anu bisa dianggap énténg.
Tina bala
alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana kitu, kudu buru-buru
mapatkeun jampé tulak bala singlar runtah. Ari tulak bala téh
sabangsaning jajampéan atawa dunga pikeun nyingkahan balai. Sasarina
jampé tulak bala dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti
ngaruat jagat, hajat bumi, ngalaksa, jsté. Tulak bala ogé aya anu sok
dipirig ku waditra anu dianggap sakral, saperti angklung gubrag, terbang
pusaka, jsté. Tapi jampé jeung téknis tulak bala nyinglar runtah mah
kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang Bandung, kalayan
henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian.
Saméméh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna
maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara
runtah, tapi bisa dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti
rumah tangga. Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti
saimah téh rata-rata ukur sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari
dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi
ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa
disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban imah.
Pikeun babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara
nyanghareupan pasualan runtah. Sabab ti baheula ogé geus surti dina
ngokolakeun runtah. Contona misahkeun runtah organik jeung an-organik.
Runtah baseuh sasarina diruang, demi runtah garing bisa disalurkeun ka
tukang rongsokan atawa diduruk. Naon pasualanana ngaduruk runtah?
Sanajan bisa nimbulkeun dioksin anu henteu séhat pikeun diangseu, tapi
bakal leuwih henteu séhat lamun patulayah tur ahirna ngotoran
lingkungan.
Di Bandung, mémang pamohalan ngaruang runtah baseuh di
sabudeureun imah. Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan pikeun ngurus
runtah. Cukup boga tong runtah di hareupeun imah, kalayan henteu ngarasa
perelu mikiran ka mana éta runtah dipiceun. Lantaran ngarasa geus mayar
iuran runtah téa, antukna loba anu teu harayang nyaho itu-ieuna. Nu
penting mah di wewengkonna beresih, kajeun teuing di wewengkon batur mah
barala ogé. Nu penting mah di wewengkonna henteu barau runtah, kajeun
teuing di wewengkon batur mah barau runtah ogé. Sikep égois anu méh teu
karasa, geus nerekab ka sawatara pangeusi Bandung.
Loba masarakat anu nampik upama wewengkonna rék dijieun TPA.
Puguh baé lumbrah, lantaran maranéhna ngeunteung kana gagalna cara
ngokolakeun TPA. Antukna TPA idéntik jeung kumuh, rarujit, barau, sarta
ngabahayakeun kasalametan jiwa. Sabenerna éta anggapan téh bisa dirobah
upama TPA dikokolakeun kalayan hadé tur daria. Contona ku cara
ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara kitu,
masarakat baris ngabagéakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa
nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah
runtah ukur jadi wacana, henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna
henteu pati daria.
Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan
runtah, taya deui iwal ti ngayakeun gawé bareng antara pamaréntah jeung
sakumna masarakat. Lamun ukur ngandelkeun pamaréntah, nepi ka iraha ogé
moal aya réngséna. Sakali deui, kudu aya rampak gawé anu harmonis antara
pamaréntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna pamaréntah kudu nyayagikeun
dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyaéta pikeun runtah baseuh
jeung runtah anu garing. Lamun waragad maén bal anu jumlahna miliaran
bisa kahontal, piraku baé henteu kabeuli mobil paranti runtah.
Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna ogé kudu
diimbangan ku nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh
jeung runtah garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah ogé bakal
sujud syukur, lantaran leuwih babari ngumpulkeun barang-barang anu payu
kénéh kana duit. Apan éta téh kaasup pagawéan mulya anu mugia baé aya
dina karidoan-Na.
Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung
garing? Taya deui, iwal ti masarakat di saban imah. Mun
perelu, nyieun dua tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing.
Éta pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang mangpaatna.
Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu
dina ngokolakeun runtah. Sanajan pamaréntah bébéakan ngurus runtah, moal
aya anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina
ngokolakeun runtah. Lain baé pasualan pamaréntah anu tacan bisa
ngokolakeun runtah, tapi perkara méntal masarakat ogé henteu kurang
pentingna.
Jajampéan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan. Mangga
cobian papatkeun bari peureum atawa bari beunta, atawa bari peureum
beunta: “ciwit heula diri sorangan, saméméh nyiwit batur; Ambeuan
heula runtah sorangan, saméméh neumbleuhkeun bau ka batur. Lamun
kaambeu bau, pék pikiran carana sangkan batur henteu katempuhan kudu
nyeuseup nu barau téa”.
Pikeun sing saha baé anu irungna masih kénéh normal, pasti
bakal milu titén kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tékad pikeun
milu partisipasi dina mulangkeun deui citra Bandung jadi kota
kembang.***